Read More

GUGURITAN

BAHAN AJAR BAHASA SUNDA

Tengetan conto guguritan ieu! 
 1. Di sasih April kacatur, patokanana : ( 8 – u ) 
 tina nembe tanggal hiji ( 8 – i ) 
 taun dua puluh dua ( 8 – a ) 
 di dinya jadi mimiti ( 8 – i ) 
 para menak paparentah ( 8 – a ) 
 ka rahayat abdi-abdi. ( 8 – i )
 2. Kudu sumujud ka sepuh ( 8 – u ) 
 Sumembah ka maha suci ( 8 – i )
 hade basa ka sasama ( 8 – a ) 
 ka kadang ka kulawargi ( 8 – i )
 ulah luhur pamakanan ( 8 – a )
 sadayana oge sami ( 8 – i ) 

 PEDARAN 

           Guguritan nyaeta karangan wangun puisi nu ditulis make patokan pupuh. Hidep pada terang yen pupuh teh aya 17. Tina jumlah tujuh belas dibagi dua, kahiji disebut sekar ageung; nu kadua disebut sekar alit. Pangna digolongkeun kana sekar ageung sabab eta pupuh teh sering dipake pikeun nganggit lagu atawa tembang. Dina pangajaran samemehna, hidep geus diajar ngeunaan sawer jeung wawacan. Tah dina sawer jeung wawacan di luhur teh mangrupa kumpulan guguritan. Guguritan nu dipake nyusun sawer jeung wawacan Pangeran Kornel nyaeta ngagunakeun pupuh Kinanti. Hidep bisa nyieun guguritan ngagunakeun pupuh Kinanti saperti conto. Sangkan hasilna alus perhatikeun lengkah-lengkahna. 1. tangtukeun tema nu rek ditulis 2. tulis heula patokan pupuhna; 3. pilih kecap panungtung tuluy tuliskeun dina unggal jajaran 4. lengkepan unggal jajaran ku kecap anu merenah 5. talaah deui naha eta pupuh teh geus merenah atawa acan. Tema anu bisa dijieun pupuh upamana: a. ngagambarkeun kaendahan alam b. nataan ngaran kekembangan c. nataan ngaran babaturan d. nataan ngaran sasatoan e. nataan sipat manusa, jsb 

LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI 

1. Prak hidep nyieun guguritan make patokan pupuh Kinanti. Eusina pilih tema nu disebutkeun di luhur. ________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________ 2. Tembangkeun guguritan karya hidep di hareupeun babaturan !
Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+

Postingan terkait:

Silahkan berikan tanggapan untuk "GUGURITAN "

Post a Comment