Read More

WAWACAN

BAHAN AJAR


Mestakeun ciri Lingga Batu Marmer Tanda Peringetan
KANJENG PANGERAN SUMEDANG
( KINANTI )

1.      Di sasih April kacatur, tina nembe tanggal hiji, taun dua puluh dua, di dinya jadi mimiti, para menak paparentah, ka rahayat abdi-abdi.
2.      Kudu pada sungguh-sungguh, ngatur lembur beberesih, pager dina sisi jalan, kudu beberesan deui, nu bobo ganti awina, sangkan alus sami necis.
3.      Pagerna sami dikapur, marakbak bodas beresih, tungtung pager di luihurna, tutumbakan sina lancip, dipoles hideung sadaya, ku ter atuh jadi manis.
4.      Dina unggal lawang lembur, kaca-kaca hiji-hiji, dipulas diperhiasan, katingalina raspati, wantu bade Tuan Besar, sumping ka Sumedang nagri.
5.      Jalan-jalan ngemplong alus, keusik-keusikna carentik, cadas-cadasna ngagenyas, sasakna resik raspati, beresih setra lemburna, alus tingalieun Gusti.
6.      Komo perhiasan ngempur, papaes di jero nagri, anu ngatur bijaksana, nampi dawuhan ti Gusti, ti Kanjeng Dalem Sumedang, ti Asisten kitu deui.
7.      Raden Patih anu ngurus, Patih Sumedang nagari, Rahaden Soerjadihardja, papatih anu binangkit, prentahna endah jatnika, sabudi-budina manis.
8.      Lemah lembut lentong alus, sabudi-budina pekik, alon lampah kasatrian, nandingan Patih Sencaki, di nagara Meralaya, bupatina Derewati.
9.      Tabuh genep isuk-isuk, nembean srangenge bijil, urang desa geus sadia, jalma ti lembur barijil, pada ngais bebekelan, timbel pais lauk brenyit.
10.  Kulub sampeu kulub cau, pais tipung bubuy hui, timbel pare ulen ketan, sambel oncomna sayagi, cabe cengekna ngarora, seupan sampeu seupan hui.
11.  Ngajugjug ka alun-alun, aki nini geus narepi, lanjang bujang seseongan, ngariclik barudak leutik, geus darongkap ka nagara, rayat ti gunung ti sisi.
12.  Nu mawi mios ti kampung, hayang uninga ka Gusti, ka nu agung Tuan Besar, sareng ka pra dalem sami, gegeden bade darongkap, ti Bandung jeung ti Batawi.
13.  Bade muka ciri batu, tanda peringetan Gusti, tugu dina tengah lapang, alun-alun di nagari, emutan Kanjeng Pangeran, Dalem Sumedang Suargi.
14.  Tanggal harita kaitung, dua puluh lima April, sarewu slapan ratusna, dua puluh dua warsi, pinuh nagara Sumedang, geus heurin usik ku  jalmi.
15.  Ti sagala distrik kampung, pada haroyong tingali, kana eta kahormatan, lingga anu jadi ciri, harita bade dibuka, anu sakalangkung manis.



PEDARAN
Wawacan teh hiji karangan panjang wangun puisi ugeran nu ditulis make patokan pupuh. Ana kitu naon bedana jeung guguritan. Wawacan mah diwangun ku sababaraha pupuh nu diluyukeun jeung eusi lalakon, sedengkeun Guguritan mah sanajan loba atawa panjang ngan ditulis make hiji patokan pupuh.
Eusi wawacan lolobana nerangkeun ngeunaan kahirupan di karajaan Papajaran jeung Galuh Pakuan. Tapi saenyana asal karangan mangrupa lalakon sarta diwangun ku sababaraha pupuh kaasup wawacan.
Pupuh nu dipake patokan nulis wawacan upamana bae Kinanti, Sinom, Asmarandana, Magatru, Gambuh, Maskumambang, Durma, Dangdanggula, jeung sajabana.


Materi pangdeudeul
Kecap Rajekan
Kecap rajekan nyaeta kecap nu dibalikan deui (ditulis / diucapkeun) dua kali atawa leuwih boh sabagian boh sagemblengna, boh robah sora vokalna boh henteu.
Kecap rajekan dibagi 3 : rajekan dwipurwa, dwilingga, trilingga.
1.            Kecap rajekan dwipurwa nyaeta kecap anu dirajek dua kali engang nu mimiti. Contona: tutunjuk, cacakar, babadug, jeung sajabana.
2.            Kecap rajekan dwilingga
3.            Kecap rajekan trilingga, nyaeta kecap nu dibalikan deui tilu kali boh robah sora vokalna boh henteu. Contona : dar-der-dor, blag-blig-bug, nang-neng-nong, jeung sajabana.
Dina wawacan di luhur aya kecap paparentah, tutumbakan, sungguh-sungguh, kaca-kaca, jeung sajabana.
Kecap paparentah, tutumbakan, sungguh-sungguh, kaca-kaca, kaasup kecap rajekan. Pangna kitu, sabab dina eta  kecap aya nu dibalikan deui atawa diucapkeun dua kali.
Kecap paparentah asalna tina kecap parentah nu dirajek engang nu mimiti, pon kitu kecap tutumbakan asalna tina kecap tumbak nu dirajek engang nu mimiti tapi binarung jeung rarangken tukang -an..
Kecap nu geus dirobah ku cara dirajek dua kali engang nu mimiti disebut kecap rajekan dwi dwipurwa.
Kecap kaca-kaca asalna tina kecap kaca nu dirajek sagemblengna, pon kitu kecap sungguh-sungguh asalna tina kecap sungguh.
Kecap nu geus dirobah ku cara dirajek dua kali sagembengna  disebut kecap rajekan dwi lingga.
Rajekan dwilingga dibagi dua, nyaeta :
1.            Dwilingga murni (dwimurni), sakur kecap nu dirajek dua kali sagemblengna bari teu robah sora vokalna. Contona : meja-meja, buku-buku, alat-alat, jeung sajabana.
2.            Dwi lingga reka (dwireka), sakur kecap nu dibalikan deui dua kali sagemblengna bari robah sora vokalna. Contona : bulak-balik, tulang-taleng, tunggal-teunggeul, jeung sajabana.


LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI 1
Sanggeus maca wawcan Kanjeng Pangeran Sumedang, jawab pananya ieu di handap !
1.      Nitenan waktu lumangsungna eta kajadian, bisa dicindekkeun yen harita aya dina jaman ___________________________________________________________________
2.      Naon sababna sakabeh rahayat kudu beberesih ?
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________
3.      Saha nu bade sumping ka Nagri Sumedang teh ?
_________________________________________________________________________
4.      Saha jenengan patih Sumedang nu dibere pancen ngurus nagri Sumedang ? Kumaha sipatna ?
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________
5.      Kumaha kaayaan rahayat dina poean sumpingna Tuan Besar ?
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________
6.      Naon tujuan rahayat pangna daratang ka alun-alun Sumedang ?
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________
7.      Naon tujuan parapangagung sarumping ka Nagri Sumedang !
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________
8.      Pikeun naon  eta tugu teh diadegkeun ?
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________
9.      Sempalan wawacan di luhur teh diwangun ku sabaraha pada ?
_________________________________________________________________________
10.  Tuliskeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh dina eta wawacan !
___________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________

UJI KOMPETENSI 2
Robah ku cara ngarajek make rajekan dwi purwa, dwireka atawa dwimurni, tuluy jieun kalimahna!
1.            tunjuk          jadi      _____________________ (dwipurwa)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
2.            ciwit             jadi      _____________________ (dwireka)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
3.            kolot             jadi      _____________________ (dwipurwa)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
4.            tulis              jadi      _____________________ (dwireka)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
5.            bapa             jadi      _____________________ (dwimurni)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
6.            alung            jadi      _____________________ (dwireka)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
7.            tulung          jadi      _____________________ (dwipurwa)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
8.            datang         jadi      _____________________ (dwimurni)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
9.            teunggeul     jadi      _____________________ (dwireka)
         Kalimahna : ______________________________________________________________
10.        buku            jadi      _____________________ (dwimurni)
         Kalimahna : ______________________________________________________________

Teangan conto sejenna nu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa, dwilingga, jeung trilingga, jieun kalimah !
11.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
12.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
13.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
14.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
15.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
16.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
17.        _________  jadi      _____________________
         Kalimahna : ______________________________________________________________
18.        _________  jadi      _____________________
            Kalimahna : _____________________________
Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+

Postingan terkait:

Silahkan berikan tanggapan untuk "WAWACAN"

Post a Comment